NOVÉL
NOVÉL Novél nya éta karya sastra wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina éta carita .Galur caritana leuwih rumit lamun dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok , lantaran jumlah kajadianna kawilang réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu . Novél asalna tina basa Italia ''novella'' , dina basa Jerman ''novelle'' , sarta di basa Yunani ''novellus'' , tuluy asup ka Indonesia jadi novél. Istilah-istilah éta téh hartina sarua nya éta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu pondok teuing. Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén sosial , ajén étnik , ajén hédonik , ajén spirit , ajén koléktif , jeung ajén struktural . Sajarah kamekaran novél sunda Sabada urang Sunda diajar di sakola nu diadegkeun ku pamaréntah Walanda ...