NOVÉL
NOVÉL
Novél nya éta karya sastra
wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi
ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon
nu kasebut dina éta carita.Galur caritana leuwih rumit lamun
dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang
réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu. Novél asalna tina basa Italia ''novella'', dina basa Jerman ''novelle'', sarta di basa Yunani ''novellus'', tuluy asup ka Indonesia jadi novél. Istilah-istilah éta téh hartina sarua
nya éta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu
pondok teuing.
Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma
saperti ajén sosial, ajén étnik, ajén hédonik, ajén spirit, ajén koléktif, jeung ajén struktural.
Sajarah kamekaran novél sunda
Sabada urang Sunda diajar di sakola nu
diadegkeun ku pamaréntah Walanda, gelar rupa-rupa karya
sastra nu mangrupa
pangaruh kulon saperti roman, nu ayeuna disebut novel.Sakapeung éta dua istilah téh dianggap
sarua, tapi aya ogé nu nganggap yén éta istilah téh aya bédana.Ayana
penerbitan nu harita diadegkeun ku pamaréntah Walanda, Commissie voor de
Volkslectuur, nu ayeuna jadi Balé Pustaka, nu diadegkeun dina taun 1908, mangrupa
hiji badan nu mantuan hirup huripna pangarang-pangarang jaman
harita.karangan-karangan nu diterbitkeunna mangrupa tulisan anu teu papalingpang jeung aturan
pamaréntah, nu raket patalina jeung tujuan pamaréntah kolonial.Lian ti Balé
Pustaka, aya panerbit
swasta saperti Dachlan Bekti jeung M.I
Prawirawinata di Bandung nu mantuan nyeuyeuban hirup huripna sastra Sunda. penerbit swasta mah leuwih bébas
ngaluarkeun terbitanna.Sabada Indonésia merdeka, novel sunda
téh beuki ngeuyeuban, saperti Baruang ka nu Ngarora, Carios Radén Ustama, Ceurik
Abdi, jsb.Salian ti novél-novel éta, aya ogé
novel-novel anu dicitakna mangrupa buku-buku laleutik, nepi ka hiji judul téh
jadi sababaraha jilid. Novel-novel nu kieu téh kaitung laku
dijual sabab salian ti bisa ditungtut dibeulina, promosi ngaliwatan radio kacida ngarojongna. Éta buku téh dibaca ku penyiar sarta dijomantarakeun mangrupa dongéng énténg.Lantaran
dibacana nyambung sarta sok dipotong palebah nu dianggap ramé ku nu
ngadéngékeun, biasana mah nu ngadéngékeun jadi panasaran.
Salian ti éta novel-novel nu dianggap ramé ku nu macana biasana leuwih payu.
Upama éta buku aya di taman bacaan, nu maca leuwih babari néanganana. ku kituna, dibandingkeun jeung novel
nu dianggap ngandung ajén sastra, carita-carita modél kieu mah leuwih
dipikawanoh ku masarakat.
Ciri-ciri novél:
Di urang mah rajeun dibédakeun
antara novél jeung roman téh. Biasana karya roman dianggep leuwih panjang jeung
lengkep batan novél. Tapi, sebenerna
mah novél jeungroman téh éta-éta kénéh.
Ciri-ciri novél nu pangpentingna nya éta:
1. Wangunna prosa(fiksi) panjang, jauh
leuwih panjang batan carpon. Keur ngagampangkeun, upama
dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka tamat, moal cukup satengah
jam.
2. Ku sabab panjang, tokohna loba sarta
kajadian nu dicaritakeunana biasana rupa-rupa.
3.
Jejer
jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé.
Ø Babandingan novél jeung carpon
Novél
|
Carpon
|
aya konflik batin
|
teu kudu aya
|
watek palaku digambarkeun detail
|
watek palaku digambarkeun singget
|
galur carita leuwih rumit
|
galur carita leuwih sederhana
|
latar leuwih lega jeung waktuna leuwih lila
|
latar jeung waktu kawawatesanan
|
wangunna leuwih panjang
|
wangunna leuwih pondok
|
Dina novel aya unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik.
Ari unsur intrinsik mah unsur nuaya dina jera caritana. Unsurna tiasa diteang dina
dialog-dialog palakuna. Dina narasi-narasina, jsb. Ari unsur ekstrinsik mah
unsur-unsur anu aya di luar carita novel. Unsur ekstrinsik mah biasana
ngungkapkeun tentang unsur-unsur di masarakat, anu aya dina eta carita. Jadi
urang kudu nyimpulkeun sorangan unsur ekstrinsik tina carita nu geus aya.
Unsur-unsur di masarakat teh contona unsur ageman, unsur moral, unsur budaya,
jsb.
Unsur-unsur instrinsik dina novel nya eta:
- Téma : ideu poko carita atawa alpukah utama
- Amanat : talatah moral anu hayang ditepikeun pengarang ka pamaca
- Jejer atawa penokohan : sipat atawa watek
- Kasang : tempat, wayah, kaayaan. kumaha carita éta nyokot settingna
- Sudut pandang : posisi pengarang dina carita.
6.
Galur
: jalanna ca rita. Aya galur maju,
galur mundur jeung galur campuran.
o
Galur
maju :
carita anu dimimitian ti mimiti nepi
ka ahir kajadian
o
Galur
mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal
kajadian.
o
Galur
campura :
campuran tina galur maju jeung galur mundur.
7. Gaya basa: basa anu dipaké pengarang
Unsur-unsur ekstrinsik dina novel nya eta:
1. Kasang tukang pangarang.
2. Wayah sarta tempat pangarang nulis caritana.
3. Unsur budaya,
moral, ageman, pulitik, sosial, atikan.
4. Identitas buku.
Papasingan novel
Novél bertendens
Novél bertendens téh nya éta novél nu miboga tujuan nu
tangtu.
Misalna dina hiji carita, pangarang némbongkeun akibat nu goréng tina hiji adat
atawa kabiasaan, boh masarakat boh individu.
Novél sosial
Novél sosial nya éta novél anu eusina nyoko kana
masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial
dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan.
Novél sajarah
Novél sajarah nya éta novél anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah.
Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah.
Novél psikologi
Novél psikologi nya éta novél anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali
jeung jiwa palaku utamana.
Novél misteri
Novél misteri nya éta anu eusina nyaritakeun
hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir éta novél.
Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjénna.
Komentar
Posting Komentar